Sunday, November 15, 2009

Dua Naga di SMANDA Kuningan

ass.wr.wb

bade di ajar ngadongeng

si horeng teh dongeng naga nu geus kakoncara ti mimiti urang budak keneh..nu sok
di dongengkeun ku kolot urang baheula lain saukur dongeng wungkul...bubuhan eta
teh dongeng samemeh urang sare...lamun ku urang di tilik loba pisan pesan moral
pikeun urang...


naga nu kakoncara gagah, ngabogaan elmu, tur gede wawanen...tandang ka
pakalangan, toh pati jiwa raga ngabelaan harga diri saha jirim manehna jeung ti
mana manehna...eta pisan nu di jaga ku naga...

nya kitu oge alumni SMANDA ibarat naga...boga pangarti, boga wawanen, boga jati
diri jeung nu paling penting boga iman tur istiqomah...ti mimiti SMANDA lahir
tug datang kakiwari...SMANDA tetep aheng tur kakoncara...kusabab di jaga ku para
alumnina...

bubuhan urang nu jadi alumni di mana wae ayana...ngarasa bungah jeung reueus,
tur boga kawajiban pikeun ngajaga jati diri SMANDA...

mangga sakitu bae obrolan ti abdi, kirang langkungna nyuhunkeun di
hapunten...geuning abdimah kirang pinter ngadongeng..

wss.wr.wb
Andi Siwandi

1 comment:

  1. Ehm...tiasaan oge kang ngadongeng na....


    Tapi, sae kanggo ngadamel rasa tertarik nge-klik blog smanda:-)

    ReplyDelete